Postingan

Asal Mula Nama Kabupaten Garut

Sejarah garut moal tiasa lepas ti Kabupaten Limbangan. Kabupaten Limbangan nyaeta Kabupaten hebeul anu Ibu kotana dipindahkeun ka Garut ayeuna sabab sering kajadian bencana alam saperti banjir anu kenaa ka Ibu kota. Selain ti eta, kurang berkembangna pusat pemerintahan sebab jauh ti wahangan anu jadi sarana transportasi jeung irigasi areal pasaeahan jeung kebon. Bupati Adiwijaya (1813-1831) ngabentuk panitia survei lokasi kanggo ibu kota kabupaten anu anyar. Pilihan akhirna ka tempat anu dikulilingan gunung jeung boga mata cai anu ngalir ka Cimanuk. Tempat eta jarakna  ± 17 kmti pusat kota hebeul. Nalika manggih mata cai,  salah saurang panitia kakarut ( kagores) balukar. Orang walanda nu milu survei teu bisa nurutan kata tadi, jeung nyebutna gagarut. Dina awalna, nama kabupaten anu ibu kotana geus dipindahkeun moal diubah, masih Kabupaten Limbangan. Tatapi, nurut saran sesepuh alusna nama kabupaten diganti ku nama anyar sahingga teu nimbulkeun bencana jung malapetakan enkena ...
Postingan terbaru